Jumat, 12 Februari 2016

CONTOH MC RESMI TERBARU BAHASA SUNDA

Master Ceremony merupakan jantungnya acara, sukses atau tidaknya acara ditentukan oleh pembawa acara. Untuk acara resmi apalagi dalam bahasa sunda memang tidaklah mudah,banyak pilihan tata bahasa yang cukup rumit. Namun inilah contoh susunan acara remi  dalam bahasa sunda yang telah saya buat, semoga ada manfaatnya.

Assalamualaikum Wr.Wb..
Sagala puji kaagungan Allah SWT anu parantos masihan ni’mat ka urang sadayana. Dugi ka urang sadayana tiasa dongkap kana ieu tempat dina raraga ............................ anu biasa dilaksanakeun .....

Sholawat sinareng salam mugia dilimpah curahkeun ka jungjunan urang samudaya Nabi Muhammad SAW oge kakulawargina katut ka para sohabatna, mugia oge ka urang samudayana dugika yaumul kiyamah. Aamiin.

Hadirin anu dipihormat, peryogi ka uninga runtuyan acara anu baris bade dilaksanakeun waktos ayeuna nyaeta
1.Pembukaan
2.Pembacaan ayat suci Al-Qur’an sareng sholawat
3. Tausyiah
4.Tutup

Hadirin Rahimmakumullah.. urang buka acara ku ngaos Basmallah sasarengan “Bismillahirrahmanirrahim”
Salajeungna Pembacaan ayat suci Al-Qur’an sinareng solawat anu bade di aoskeun ku pangersa..........  kamanteunna dihaturanan.

Haturnuhun ka pangersa............. anu parantos ngaoskeun ayat suci Al-Qur’an  sinareng shalawat na. Mugia bae janteun kabarokahan kanggo urang sadayana, khususna ka manteunna. Aamiin.

Dilajeungkeung kana acara ana katilu, nu mangrupikeun acara inti nyaeta Tausyiah anu bade didugikeun ku pangersa ......... dihaturanan.

Haturnuun ka pangersa...... anu baris ngadugikeun tausyiahna, mugia aya manfaat kanggo urang sadayana.

Acara ti ngawitan dugika akhir parantos rengse, hapunteun  anu kasuhun, tina kecap nu kirang merenah tingkah nu sanes kanteunna. Haturnuhun. Urang tutup ku maos Hamdallah sasarengan. “Alhamdulillahirabbil’alamiin”.
Wassalamualiakum Wr.Wb.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar